Jumat, 11 Maret 2016

HASIL GEMPUNGAN TÉHNIS RIKSA BUDAYA SUNDA 2016

HASIL GEMPUNGAN TÉHNIS RIKSA BUDAYA SUNDA 2016
KEMIS, 10 MARET 2016

PASANGGIRI MACA SAJAK
ü Pasanggiri Maca Sajak dilaksanakeun dinten Senen, 21 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika réngsé di Gedung PKM Lt.2 (Gd. Geugeut-Winda) UPI.
ü  Katangtuan Umum jeung Katangtuan Husus teu aya parobahan
ü  Pamilon nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat
ü  Unggal sakola maksimal ngirimkeun dua patandang
ü  Jumlah pamilon diwatesanan nya éta 40 urang tiap tingakatan sakola, jumlah pamilon tingkat SMA : 40 urang , tingkat SMP: 18 urang
ü  Daftar ulang dikawitan ti tabuh 07.00 WIB
ü  Nomer patandang dipasihkeun nalika daptar ulang
ü  Urutan midang ditangtukeun nalika prungna pasanggiri (dikoclok, dicalukan ku MC)
ü  Pamilon kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian, pamilon nu teu hadir dina waktuna dianggap ngundurkeun diri.
ü  Pamilon nu geus dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan tandang dikatukangkeun.
ü  Saupama patandang teu datang kénéh waé, patandang dianggap ngundurkeun diri
ü  No tandang kudu salawasna katingali ku girang pangajén.
ü  Patandang diwajibkeun maké saragam sakola
ü  Teu aya parobihan dina antologi sajak
ü Aspék nu diajén ngawengku: Wirasa (pasemon, rindat,rigig), Wiraga (penguasaan panggung) jeung Wirahma (artikulasi, intonasi, nada, témpo).
ü  Patandang midang teu ngagunakeun mic.
ü  Ngeunaan waktu tampilna disaluyukeun jeung situasi. Saupama waktuna masih panjang ka waktu dzuhur, dilajengkeun langsung ka tingkat SMA.  Tapi saupama geus asup waktu dzuhur, tingkat SMA dilanjutkeun tabuh 13.00 WIB. 

PASANGGIRI TEMBANG PUPUH
ü   Pasanggiri Pupuh dilaksanakeun dinten Rebo, 23 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika réngsé di Gedung PKM Lt.2 (Gd. Geugeut Winda) UPI.
ü   Patandang nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat
ü  Jumlah wawakil unggal sakola teu leuwih ti dua urang, tiasa hiji istri, hiji pameget atanapi salah sahijina.
ü  Jumlah patandang tingkat SMA satata ; 20 urang pameget , 20 urang istri, tingkat SMP satata: 11 urang pameget, 9 urang istri.
ü  Daftar ulang dikawitan ti tabuh 07.00 WIB. Dipiharep pamilon tos réngsé daftar ulang tabuh 07.30 WIB dilajengkeun kana cék sora sareng pamirig.
ü  Batas waktu kanggé cék sora sareng pamirig 15 menit sateuacan pasanggiri dikawitan. Pasanggiri dikawitan tabuh 08.00 WIB di Gedung PKM Lt. 2 (Gd. Geugeut Winda) UPI.
ü  Pamirig bébas (tiasa nyiapkeun ti séwang-séwangan). Panata calagara nyayogikeun pamirig kalawan surupan nu dianggé surupan 56, saluareun surupan 56 mangga tiasa nyandak séwang-séwangan. Tapi, saupami badé nganggé pamirig ti pihak panata calagara sedengkeun surupan nu diangge saluareun surupan 56 mangga konfirmasi sateuacan hari H pasanggiri pupuh.
ü  No patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü  Urutan midang patandang ditangtukeun nalika prungna pasanggiri (dikoclok ku MC).
ü  Saupama patandang dicalukan tilu kali teu datang waé, urutan midang dipindahkeun ka tukang.
ü  Saupama teu datang kénéh waé, patandang dianggap gugur.
ü  No tandang kudu salawasna katingali ku girang pangajén.
ü  Patandang diwajibkeun ngagunakeun pakéan adat Sunda.
ü  Nalika daftar ulang patandang kudu ngalaporkeun pupuh naon anu baris dipidangkeun.
ü  Pupuh Lalaki : Pupuh tingkat SMP : Asmarandana, Gambuh
                             Pupuh tingkat SMA : Sinom, Dangdanggula
ü  Pupuh Awéwé : Pupuh tingkat SMP : Maskumambang, Juru Demung
                                                             Pupuh tingkat SMA : Sinom, Dangdanggula
ü  Rumpakana mangga waé badé nganggé “pada” nu ka sabaraha waé dilajeng sekar merdika sabalikan, sekar tandakna ogé sabalikan.
ü  Pinunjul katégori SMP katangtosanana tetep dipisahkeun antara pinunjul istri jeung pameget sok sanajan kuota teu nyumponan.
ü  Dina panambih : teu jadi pasualan ngeunaan guru lagu, jeung patandang kudu bisa mensiasati pedotan dina unggal padalisan.
ü  Panata calagara ngabébaskeun ngeunaan arkuh pupuh dina ngahaleuangkeunana (moal matak ngurangan nilai).
ü  Pupuh nu dipaké nya éta pupuh Buhun kitu deui musikna ngagunakeun kacapi standar, sanés instrumen kréasi.
ü  Teknis midangna:
     Katégori pupuh pameget dilajeng ka pupuh istri tingkat SMP.
     Katégori SMA bisa daftar ulang rada siang ti waktu daftar ulang pikeun tingkat SMP satata.
   Ngeunaan waktu tampilna disaluyukeun jeung situasi. Saupama waktuna masih panjang ka waktu dzuhur, dilajengkeun langsung ka tingkat SMA.  
ü  Révisi Rumpaka:
    a.      Pupuh Dangdanggula
          Pada ka-1 padalisan ka-2 kecap tendon diganti ku kecap tandon.
          Pada ka-1 padaliasan ka-7 “sangkan unggul nanjung” nu leresna.
          Panambih Pupuh Dangdanggula kecap Lambing janten Lambang.
   b.      Pupuh Jurudemung
         Pada ka-2 padalisan ka-3 kedahna dieusian ku “ngawenangkeun sagalana”, nu tadina
         padalisan ka-2 janten padalisan ka-4. 


PASANGGIRI NULIS AKSARA SUNDA
ü  Pasanggiri Nulis Aksara Sunda dilaksanakeun dinten Senen, 21 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika réngsé di Auditorium B Lt.4 Gedung FPBS UPI.
ü  Pamilon nya éta siswa-siswi SMA satata sa-Jawa Barat.
ü  Pamilon teu diwatesanan. Jumlah pamilon aya 77 urang.
ü  Daftar ulang dikawitan ti tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü  Nomer patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü  Tempat diuk diluyukeun jeung nomer patandang.
ü Pamilon kudu hadir 20 menit saméméh psanggiri dikawitan. Pamilon anu elat datangna, miboga hak keur neruskeun pasanggiri kalayan teu disadiakeun waktu tambahan. Pamilon nu teu hadir dianggap ngundurkeun diri.
ü  Pamilon migawé soal dina wangun tinulis.
ü Wangun soal mangrupa transliterasi (dina wangun dongéng) jeung soal dikté jumlahna 10 soal (dibacakeun,).
ü  Waktu pikeun soal dikté 20 menit, transliterasi 90 menit.
ü  Aksara nu dipaké nya éta tina buku panduan nu disadiakeun ku panata calagara.
ü  Alat tulis (kertas, pulpén) disadiakeun ku panata calagara.
ü  Pamilon dipahing mawa buku aksara Sunda atawa sumber lianna.
ü  Pamilon dipahing ngaganggu, niron atawa gawé bareng jeung patandang séjén.
ü Saupama kapanggih gawé bareng atawa niron ti nu séjén, mangka éta patandang dicirian ku panitén (pengawas) anu saterusna bakal didiskualifikasi.
ü  Aspék penilaian ngawengku ketepatan/ kaépektipan jeung karapihan.
ü  Aksara nu diropéa /da/ jeung /ja/ maké anu dina buku panduan.
ü  Révisi ngeunaan panghulu, maké anu aya cecengklukan ka handap. 
ü  Pamilon maké saragam sakola. 

PASANGGIRI MACA WARTA
ü  Pasanggiri Maca Warta dilaksanakeun dinten Salasa, 22 Maret 2016 tabuh 08.00 WIB dugika réngsé di Auditorium B Lt.4 FPBS UPI.
ü  Pamilon nya éta siswa/siswi SMA satata sa-Jawa Barat.
ü  Unggal sakola maksimal ngirimkeun dua patandang.
ü  Jumlah pamilon diwatesanan nya éta 40 urang. Jumlah pamilon pasanggiri maca warta aya 40 urang nu hartina nyumponan kana kuota.
ü  Nomer patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü  Daftar ulang dikawitan tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü  Urutan midang jeung naskah nu kudu dibacakeun patandang dikoclok ku MC.
ü  Pamilon kudu hadir 15 menit saméméh kagiatan dimimitian, pamilon nu teu hadir dianggap ngundurkeun diri.
ü  Pamilon nu dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan midang di katukangkeun. Saupama teu datang kénéh waé dianggap ngundurkeun diri.
ü  Aspék nu diajén ngawengku : body language, pasemon,artikulasi,intonasi,nafas/témpo, volume sora.
ü  Pasanggiri Maca Warta kabagi dua jirangannya éta babak penyisihan jeung babak final.
ü  Babak Penyisihan: pamilon dibagikeun 4 naskah dina gempungan téhnis anu sakabéh naskah kudu dibaca/diteuleuman. Téhnis dina hari-H warta nu dipidangkeun nya éta salahsahiji tina opat naskah éta kalayan dikoclok ku MC.
ü  Dina babak final dipilih 10 pamilon.
ü  Dina babak final disadiakeun 10 naskah warta anu hartina 10 pamilon nu kapilih bakal meunang naskah warta anu béda-béda.
ü  Naskah dina babak final bisa dibuka saacan midang (dibéré waktu 3 menit pikeun neuleuman éta naskah warta).
ü  Patandang maké saragam sakola. 

PASANGGIRI NULIS KARYA POPULÉR
ü  Waktu pendaftaran diperpanjang dugi ka 19 Maret 2016
ü  Genre PNKP: artikel
ü  Ditulis maké basa Sunda
ü  Téma ngeunaan kabudayaan kalawan sub téma ngawengku : basa, sistem élmu pangaweruh, sistem téknologi, sistem réligi/kapercayaan jeung kasenian.
ü  Naskah artikel ditulis 2-4 kaca.
ü  Basa/diksi nu dipaké babari dipikaharti.
ü  Basa nu dipaké luyu jeung palanggeran éjahan basa.
ü  Format panulisan : 1). Jenis huruf Times New Roman; 2.) Ukuran Huruf/Font : 12 ; 3). Line space : 1.5 ; 4). Rata kiri-kanan, 5). Kertas A4, 6). Margin Portrait (Top:3cm, Bottom:2cm, Left:3 cm, Right:2cm).
ü  Naskah artikel mangrupa naskah orisinil hasil karya sorangan.
ü  Eusina teu patali jeung unsur SARA.
ü  Kakritisan kana pasualan nu diguar ogé dina ngungkulan éta pasualan (solusi nu inovatif).
ü  Minimal ngirimkeun hiji karya.
ü  Naskah dikirim dina wangun soft file (.doc/ .docx / .pdf) dilampirkeun ogé tanda pengenal + bukti transfer ka email rbspnkp@gmail.com
ü  Waragad nu dipundut 30.000 ditransfer ka Rekening BRI 442301008850534 atas nama Tita Oktavian.
ü  Pendaftaran via SMS maké format Wasta-kalungguhan-email kirim ka 087-722-678-668 (Citra).
ü  Hadiah pinunjul ka-1 : Rp.500.000 + Sertifikat
ü  Hadiah pinunjul ka-2 : Rp. 400.000 + Sertifikat
ü  Hadiah pinunjul ka-3 : Rp. 350.000 + Sertifikat
ü  Artikel pinunjul ka 1-3 bakal dimuat di média cétak.
ü  Sadaya pamilon PNKP kéngéng E-Sertifikat nu baris dikirim kana email pamilon.

PASANGGIRI NGADONGÉNG
ü  Pasanggiri Ngadongéng dilaksanakeun dinten Salasa,22 Maret 2016 di Gedung PKM Lt.2 (Gd. Geugeut-Winda) UPI tabuh 08.00 dugika réngsé.
ü  Patandang nya éta siswa/siswi SMP satata jeung SMA satata sa-Jawa Barat.
ü  Jumlah Patandang tingkat SMP : 16 urang, tingkat SMA : 40 urang.
ü  Patandang kudu hadir 15 menit saméméh pasanggiri dikawitan.
ü  Daftar ulang dilaksanakeun ngawitan tabuh 07.00-07.30 WIB.
ü  Nomer patandang dipasihkeun nalika daftar ulang.
ü  Urutan midang dikoclok ku MC.
ü  Téma dongéng tingkat SMP : fabel, tingkat SMA : sasakala hiji wewengkon.
ü  Patandang maké saragam sakola.
ü  Patandang teu meunang mawa téks nalika midang.
ü  Nalika patandang dicalukan tilu kali teu aya waé, urutan midang dipindahkeun katukang.
ü  Saupama teu aya kénéh waé dianggap ngundurkeun diri.
ü  Soft file naskah dongéng dikintun paling elat kaping 15 Maret 2016 ka alamat email riksabudayasunda2016@gmail.com atanapi ka hinhinwahidah39@gmail.com

PASANGGIRI CERDAS CERMAT BASA SUNDA
ü  Pasanggiri Cerdas Cermat Basa Sunda (CCBS) dilaksanakeun dinten Kemis, 24 Maret 2016 di Gedung PKM Lt.2 (Gd.Geugeut-Winda) UPI.
ü  Jumlah pamilon aya 20 grup, anu dina 1 grup ngawengku 3 urang.
ü  Daftar ulang dikawitan tabuh 07.00-07.30 WIB
ü  Patandang kudu hadir minimal 15 menit méméh acara dikawitan.
ü  Patandang dianggap ngundurkeun diri (WO) nalika 15 menit acara geus dikawitan teu datang, tur geus dicalukan 3 kali teu datang kénéh waé.
ü  Patandang teu meunang ngaganggu patandang séjén.
ü  Patandang teu meunang mawa catetan atawa hp.
ü  Pangaping dipahing mantuan patandang.
ü  Jiranganna kabagi 3; 1) Penyisihan, 2) Semi Final, 3) Final
ü  Unggal Jirangan aya tilu sési ; 1) Sesi Pertanyaan poko*, 2) Sesi Pertanyaan lemparan*, 3) Sesi Pertanyaan rebutan*.
ü  Ngagunakeun sistim gugur.
ü  Soal dipilih nalika rék tandang.
ü  Patandang dibéré waktu 15 detik pikeun ngajawab patalékan, jawaban nu geus dikonci teu bisa diganti.
ü  Lumangsungna Pasanggiri dipingpin ku Moderator oge disaksian ku Juri Panitén (saksi), nya éta Dosén jeung Pihak Penerbit Buku Sumber (Geger Sunten).
ü  Patandang salawasna kudu tuhu kana katangtuan nu geus ditepikeun.
ü  Nomer tandang ditangtukeun nalika gempungan téhnis.
ü  Téknis Pasanggiri:
Acara dibuka ku MC, nu tuluy dipasrahkeun ka Moderator.
Moderator pancénna macakeun soal jeung mingpin lumangsungna pasanggiri.
Saméméh soal dibacakeun, unggal tim milih heula salah sahiji Amplop Soal nu sadiakeun ku panata calagara. (ngan aya dina Sési Pertanyaan Poko, jeung Pertanyaan Lémparan)
Dina Sési Pertanyaan Rebutan, teu sadiakeun Amplop tapi tos aya salapan patalékan nu kudu dijawab ku para patandang.
Nu pangheulana mencét bél, éta nu boga hak ngajawab patalékan (Sési Rebutan)
Nu nangtukeun saha nu pangheulana mencét bél, nya éta kontaktor.
Jawaban dibenerkeun sanggeus disapukan jeung disahkeun ku juri panitén.
Anapon Katerangan unggal sési aya di handap.
1)      Sési Pertanyaan Poko
Wangun pertanyaan Pilihan Ganda dumasar kana Buku Cahara Basa.
 Lobana aya 10 pertanyaan/amplop.
Soal aya dina jero Amplop nu engké dipilih ku Patandang.
Unggal amplop ngawengku pertanyaan ngeunaan basa, sastra jeung seni budaya.
Poin Bener : 10 poin/soal (lumaku keur unggal jirangan).

2)      Sési Pertanyaan Lémparan
Wangun pertanyaanna uraian pondok kalayan maké stimulus mangrupa gambar dina proyektor.
Lobana aya 3 soal/amplop.
Soal aya dina jero Amplop nu engké dipilih ku Pamilon.
Stimulus Gambarna nya éta gambar-gambar tutuwuhan, anak sasatoan, kekembangan, atawa kakawihan dina kaulinan barudak.
 Poin Bener 10 poin/soal, (mun salah dina jirangan Final bakal dikurangan poin 5/pertanyaan nu salah dijawab).

3)  Sési Pertanyaan Rebutan
Wangun pertanyaanna make media nu dibawa ku panitia jeung pertanyaan anu dipraktekeun ku patandang.
 Lobana aya 9 pertanyaan.
Media nu digunakeunna nya éta pakakas tradisonal, kadaharan, waditra urang Sunda, atawa rumpaka Kawih/pupuh.
Poin Bener : 10 poin/soal, mun salah dikurangan 5 poin/pertanyaan nu salah dijawab (lumaku keur jirangan Semi Final jeung Final).
Pertanyaan anu salah dijawab dianggap gugur.

NOMER TANDANG PASANGGIRI CERDAS CERMAT BASA SUNDA
1.      SMA Darul Hikam Internasional (19)
2.      SMAN 1 Cililin (20)
3.      MAN 1 Sukabumi (17)
4.      SMK Yadika Sumedang (5)
5.      SMA Telkom (15)
6.      SMK DT (6)
7.      SMAN 1 Bandung (16)
8.      SMA BPI 1 Bandung (9)
9.      SMAN 1 Parongpong (14)
10.  SMAN 1 Garut (13)
11.  SMAN 6 Garut (1)
12.   SMA Khadimul Ummah DT (3)
13.  SMAN 10 Bandung (12)
14.  MA Al-Inayah Kota Bandung (18)
15.  SMK Islamiyah Kiara Kuda Ciawi (4)
16.  SMK Sangkuriang 2 Cimahi (2)
17.  SMAN 1 Nagreg (7)
18.  SMAN 18 Bandung (10)
19.  SMAN 11 Garut (11)
20.  SMAN 3 Sukabumi (8)






















URUTAN TANDANG (JIRANGAN PENYISIHAN)
1. (SMAN 6 Garut) vs (SMK Sangkuriang 2 Cimahi) vs (SMA Khadimul Ummah DT) vs (SMK Islamiyah Kiara Kuda Ciawi) langsung 4 grup ditandingkeun.
2. (SMK Yadika Sumedang) vs (SMK Daarut Tauhid) vs (SMAN 1 Nagreg)
3. (SMAN 18 Bandung) vs (SMAN 3 Sukabumi) vs (SMA BPI 1 Bandung)
4. (SMAN 11 Garut) vs (SMAN 16 Bandung) vs (SMAN 1 Garut)
5. (SMAN 1 Parongpong) vs (SMA Telkom)vs (SMAN 1 Bandung)
6. (MAN 1 Sukabumi) vs (MA Al-Inayah Kota Bandung) vs (SMA Darul Hikam Internasional) vs (SMAN 1 Cililin)  langsung 4 grup ditandingkeun.

RALAT INFORMASI
Perkawis kawijakan dina RBS 2016 anu nétélakeun yén pinunjul taun kamari teu tiasa janten patandang deui di lomba sareng tingkat nu sami éta di ralat janten anu kantos janten pinunjul ka sabaraha waé ogé diwenangkeun pikeun ngiringan deui pasanggiri dina pasanggiri jeung tingkatan nu sami dina RBS 2016.
Ralat anu kadua, kanggé penutupan RBS 2016 baris dilaksanakeun kaping 24 Maret sabada pasanggiri CCBS réngsé. Hatur nuhun kana perhatosanna,
Panata Calagara Riksa Budaya Sunda 2016
Pok, Pék, Prak Nyarita Ku Basa Sunda. 


Tidak ada komentar:

Posting Komentar